17 PUPUH SUNDA : GURU LAGU JEUNG GURU WILANGAN
Guru wilangan ; aturan jumlah larik dan jumlah suku kata, guru lagu ; aturan rima akhir, serta watak tujuh belas Pupuh Sunda yang meliputi Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, dan Wirangrong beserta contoh dan lagunya. Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu . Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung. Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumamba
Komentar
Posting Komentar